Iyatna
Sakapeung kuring cangcaya
Naha bisa
Ngaleupaskeun sagala kuciwa
Merenahkeun rasa
Sangkan tetep renggenek mikacinta
Ludeung nyorang kahirupan
Nu bakal datang
Bari pinuh ku pangharepan?
Geusan mibanda carita
Ngahontal béntang di cakrawala
Ngahaleuangkeun rasa katresna
Lain ku pindah rupa
Tapi…Hirup salawasna kudu
iyatna
Caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket
Tong sakadar paribasa!
Ngalanglang buana
Nyorang kahirupan
Kudu iyatna!